KUMPULAN MUKODIMAH PIDATO BAHASA SUNDA

KUMPULAN MUKODIMAH PIDATO BAHASA SUNDA
MUKODIMAH PIDATO BAHASA SUNDA

MUKODIMAH TENTANG PUJI KARYA
Diawali ku muji ka gusti anu maha suci, anu ngait dina ati sanbari, anu jadi bacaan jalmi ahli supih, urang sanggakeun ka gusti anu maha suci, anu parantos masihan informasi kanabi kumangrupi al qur’an anu suci anu lebetna hiji panyaji pikeun jalmi anu jalir janji, jeung mangrupi pamuji pikeun jalmi anu toat kagusti.
Anu nyinaran wengi kumangrupi sawargi, ima katukang ngaji atanapi ka tukang ngaragaji, rek ka kiai atapu katukang kai, rek ka lalaki atanapi istri omat ulah wani wani muji ka jalmi mahluk ilahi, komo mujina ka istri anu gelisna kawanti wanti anu ceureuleuk lir srideni gadis ti hindi sapertos teh yani  tapi urang kedah muji ka gusti anu maha suci.

MUKODIMAH TENTANG PUJA
Puja anu janten bahasa kadua, anu aya dina ragangagarantel dina dada anu janten bacaan para ambiya, para suhada, para aulia sareng para ulama, urang sanggakeun ka allah anu maha kuasa anu mana allah baris masihan pangbubungah ka umatna nyaeta kumangrupa sawarga.
Omat Ulah Muja Muja Kasasama manusia ciptaan allah anu maha kawasa, komo muja muja ka hiji jajaka anu kasepna kabina bina anu bodasna lir bulan purnama cerah bersinar disaat malam tiba yang menerangi gelap gulita.
Awak gagah lir ibarat gatot kaca, gede kawani lir ibarat rahwana anu ngabela sinta sapertos ka jalma lir ibarat bidadara anu turun kadunia sapertos mang jaka.
Tapi tetep the one anu teu teu aya batasanana urang kudu muji ka dzat allah anu meka welas sareng mika asih nyatana, tegesna Allah SWT.

MUQODIMAH TENTANG PUJIAN
Pujian anu janten bacaan insan anu beriman a bacaan jalma anu ber’iman anu janten bacaan jalma anu syukuran anu siang wengi teu weuleuh ngadehes ka pangeran milarian karidoan supados janten jalmi anu timu sareng kenging kabagjaan.
Anu mana allah ngajanjikeun ka setiap insan dina al qur’an baris mancen kebahagiaan kusawarga dinamian.
Omat urang ulah nyanggakeun pujian,kasasama insan ciptaan allah muberhing alam teu ngagaduhan kakiatan.
Komo urang ulah nyanggakeun pujian kahiji nonoman, anu ngagaduhan raray kasep pisan irungna mancung lir irung urang Pakistan irungna ipis lir lapis dikereutan raray kasep lir sahrul gunawan badana sembada lir olah ragawan sapertoskeeun urang nyanggakeun pujian kanu namina mang dian, tapi urang kedah nyanggakeun pujian ka allah anu maha sifat Rahman.

MUQODIMAH TENTANG SYUKUR
Syukur anu janten pangbuka tutur, anu hurung ngagebur dina badan sakujur, anu tos janten bacaan ulama anu jumhur, anu langkung manjur tibatan obat obatan doktor anu tos termasyur anu langkung endah lir kembang anu gugur, langkung megah tibatan masjid singapur, langkung endah tibatan nyanyian irfan mansyur , langkung mahal tibatan mahkota athur, anu bakal janen panghibur hati anu syur anu nyeri kusabab hancur karna kakasih anu syur kini telah pulang ka alam kubur 

MUQODIMAH TENTANG BISMILLAH
Bismillah anu janten bubuka kalimah anu tos janten bacaan anu sumerah pasrah, kapangeran anu ngagaduhan sipat rohmah, anu hatena teu weleh sobar kana nampi musibah, sok sanaos hirupna serba susah tapi sok ngarasa konaah tara sarakah, sifatna tara gagabah, hirupna istiqomah sareng muwadamah dina ibadah ka allah anu maha pemurah.

MUQODIMAH TENTANG HAMDALLAH
Hamdallah anu janten panyinglar sum’ah panggening hate anu goplah , pangbawa pangetah anu gumantung dina manah, ngahindar tina omongan salah jeung jalan anu merenah pikeun ngadekeutkeun kanu maha pemurah.
Sing ngajadikeun seupah dina kahirupan supaya betah jeung sing ngajadikeun perah supaya hate jadi betah.

MUQODIMAH TENTANG DURIAT
Duriat anu ngagerak tina urat anu aya dina setiap umat anu ngagaduhan hayat.
Ngagerat lir ibarat pahat ngajepat, lir ibarat sifat, sing pageh liat ulah dugikeun kapegat, ulah dugikeun kalumpat datangna ulah ngan sakolepat geus dating lumpat sakejap sapertos kilat, omat ulah beak atanapi ngajeprut pegat, dugikeun kabadan ngajadi mayat.

MUQODIMAH TENTANG JANJI
Janji pasini anu ngait dina ati sing pageuh lir dipatri, sing kuat seperti pondasi, sing panjang seperti tali, sing pageh ngahiji masing hiji ulah dugi kabagi bagi, sing yakin kagusti anu maha suci dina waktu anu pasti ngajadi, janji anu tos pasini pasti ngajadi hiji, ngabuah ngatangkal jadi ditalian ku tali suci , anu sesuai sareng agami oge saluyujeung Qur’an anu suci, saluyu jeung hadist nabi.

MUKODIMAH TENTANG GEULIS
Geulis manis lir ibarat gadis orang ciamis, irungna mancung lir ibarat irung orang fortugis, Lmbeyna ipis bereum lir siga anu amis lir ibarat manggis anu kawitna ti perancis, kulitna bodas umyang katinggalna luis, seurina nyari meni naji matak narik haris rambut panjang ngarumbai lir jalan ka paris, socana bodas lir ibarat cai anu ngocor ti inggris.

MUKODIMAH TENTANG CANTIK
Pmenteuna cantik awakna meni jangkung alit, ramo ramona meni bararntik, bulu socana meni carentik, pangamungna mancung bangir lir pangamung arafik, kulitna meni bodas harismatik, lambeyna meni iis letik lir ibarat lapis disiksik lamun senyum seri matak narik, rambut ngarumbai lir ibarat jalan tasik, ahlaq sopan teu aya rasa picik sianreng sirik saha jalmina anu matak teu katarik.

0 0 votes
Article Rating
Subscribe
Notify of
guest
0 Comments
Inline Feedbacks
View all comments

Berita Lainnya

Berita Lainnya

Hari Santri Nasional

Hari Santri Nasional adalah hari peringatan yang diperingati setiap tahunnya

0
Would love your thoughts, please comment.x
()
x